Minggu, 22 Juni 2008

Pagelaran LSS 2008

Akhirna nu ditungguan teh aya oge, sanggeus sataun kamari LSS ITB puasa pagelaran.  Malem mingguan sareng pun bojo sabari nonton Pagelaran LSS, lumayan resep oge. Ngan teu tiasa lami-lami pun bojo teh, maklum  ibu hamil, kedah dijagi kasehatanana.
Datang jam 19.30, da pikiran teh LSS mah sok lelet. Ari pek teh geus dimulai kira-kira 10 menitan. Atuh ngan sabahagian ningali Bubuka Pagelaran. Teras weh nongton celempungan sastra, tari kandaga, Rampak Kendang, jeung acara puncakna Tari Bentang Timur & Longser. Longser ge ngan ningali babak ka 1 jeung babak terakhir, kapotong ku nganteurkeun heula pun bojo ka bumi.  Hade lah bodor + sedih (pang sedih2na sapanjang urang ulubiung + nonton pagelaran LSS ti bihari nepika kiwari), komo aya kang kemod mah.
Wilujeng ah kanggo Pengurus, Panita, Palatih, sareng para Pamaen. Katampi pisan hiburanana

Tos kitu teras weh ka Mabes, nonton Euro Belanda v.s Rusia. Babak 1 0-0 keneh. Uih weh ka bumi, teras ceting sareng Mang Uing subuh-subuh, ternyata Belanda eleh 3-1. ya sudah lah.
Poe ieu lain poe keur kumpeni, tapi keur irlander panginten
tos ah bade bobo.

Sayup-sayup panari bentang timur ngagupayan.....


Mencrang lir bentang timur
Bray marahmay matak tibelat
Geulis laksana dewi
Lumungsurna katumbiri

Mencrang lir bentang timur
Pameunteupsieup matak kareureup
Lambey jeruk sapasi
Gelenyu imutna manis

.....................

Rampak Kendang Pagelaran LSS 2008

2 komentar:

Unknown mengatakan...

atuhlah...rekamannanalah...uing ge hayang nongton yeuh
Puasana ge geus 2 taun yeuh...

Rusmawan Suwarman mengatakan...

kalem mang, kabehge kudu aya prosesna, di asupkeun heula kan komputer, tuluy dijieun digitalna
kan butuh waktu
keur nyimeng mana, keur ngaroko mana