Sabtu, 23 Agustus 2008

Deui ah

Bulan Juli kamari, praktis kami teu nga blogs, ngan ningalian blog batur weh hungkul. Ieu ge gara-gara na mah keur salse weh di kodim. Di kodim ge keur euweuh jelema iwal ti urang. Salian ti jelema mah teuing aya teuing heunteu.
kagiatan di kodim ayeuna teh nyaeta
- maratkeun 20 kali perang di armie facebook, sialna teh elehan wae deuih, poe ieu ngan meunang 6 tina duapuluh
- ningalian jurnal hydrometeorology
- nongton indovision channel 49
- nungguan si utun inji, ceunah mah ayeuna teh geus 3,5 kg, geus gede ari ningali na USG mah, poe rebo teh pas 40 mingguna dina beuteung indungna, betah pisan si utun teh jigana mah. padahal geus bukaan dua.